Page 9 - C:\Users\ASUS\Documents\Flip PDF Corporate Edition\FlipBook Kamus Bahasa Sunda\
P. 9
Teu disangka-sangka, si tumang nyokot
alat tenun nu murag terus dibikeun ka
Dayang Sumbi. Teu aya nu bisa dilakukeun ku
Dayang Sumbi iwal ti nedunan omonganana.
Manéhna nikah ka Si Tumang nu tétéla téh
titisan déwa. Si Tumang nyaéta déwa anu
dilaknat jadi sato jeung dibuang ka bumi.
Sababaraha bulan sanggeus nikah, Dayang
Sumbi hamil sarta ngababarkeun hiji orok
lalaki. Dayang Sumbi mere ngaran
Sangkuriang.