Page 7 - Sabaryati Kumpulan Sajak, Suhandi Eses
        P. 7
     www.flipbuilder.com ©®
   www.flipbuilder.com ©®
                   Basisir Banding, Hiji                                                            Basisir Banding, Dua
                   Basisir téh simpé                                                                Pirajeuneun ngimpleng deui
                   jukut laut tingkoléang
                                                                                                    dina geter-geter angin laut peuting
                   kabadugan lambak
                                                                                                    Galura Banding
                   Di tungtung teuteupan                                                            tinggulidag
                   dina wates wangenan
                   dina urut Krakato,                                                               Asih téh hamo simpé
                   Rakata, ngajungkiring kulawu                                                     nganteng tara pisan saré
                   méh ngajul langit paul
                                                                                                    Basisir Banding Kalianda, 011997
                   basisir téh geuning lindeuk
                   ngan neundeun semu
                   nu kawilang jero
                   tuh galura ngagulidag ti jauhna
                   nepi basisir ukur budahna
                   Mungguhing hirup
                   diri ulah pati cicing
                   haté tong kamalinaan simpé
                   bisi kalebuh saawak-awak
                   naluri tilem
                   hamo bisa hanjat
                   Sumpuk Banding Kalianda, 19011997
                                             10                                                                                11
                                              0





