Page 33 - MODUL B.SUNDA KELAS VIII SMP NUSANTARA
        P. 33
     Kumaha/How
                        Pancén
                        Prak tuliskeun ringkesan wartana!
                                  BANDUNG MUGURAN SURABAYA NGEMPLOH HEJO
                        Tibatan melak tatangkalan anyar kalhka réa nu dibukbak. Lain waé
                        di Bandung. Di Garut jeung Tasik ogé sarua kitu. Tapi Surabaya mah
                        ngemploh héjo. Pangajén Adipura perlu dihirupkeun deui?
                               Sababaraha kali Manglé ngahaja ngadongdon Kepala Dinas
                        Pertamanan kota Bandung. Hayang apal inya kana program jeung
                        kagiatan naon waé nu geus dipaju, jeung konfirmasi masalah
                        sejénna nu katitén dilapangan. Hanjakal tilu kali ka kantorna di
                        jalan Ambon. Pa Kepala Dinas Pertamanan téh taya ditempat, nuju
                        angkat ka Jakarta, nuju rapat jeung sajabana urusan dines.
                               Mun seug dibandingkeun jeung kaayaan taun 1985-an,
                        ayeuna mah jumlah tangkal di kota Bandung geus ngurangan. Aya
                        nu dituar kapaksa alatan rungkad ku angin gedé. Tapi teu saeutik
                        deui nu ngahaja dituar najan éta tangkal téh walagri kenéh keur
                        nyumponan kapentingan pangusaha. Ayeuna mah taya cara
                        sején deui pikeun mulangkeun kana sebutan Bandung “Bersih, Hijau
                        dan Berbunga” nu kungsi jadi kareueus kota Bandung, iwal ti
                        saréréa, ti mimiti Walikoota jeng stafna, para tokoh-tokoh
                        masarakat, para pingpinan organisasi kemasarakatan saperti
                        Angkatan Muda Siliwangi (AMS), Pemuda Pancasila, Pemuda
                        Muhammdiyah, Pemuda Anshor, KNPI para pangusaha para santri
                        nu aya di kota Bandung. Kudu singkil sareundeuk, saigel sabata
                        sarimbagan sauyunan babarengan melak sarupaning tatangkalan
                        di wilayah kota Bandung. Diatur kumaha hadéna. Kumaha tartibna
                                                                                                     32





