Page 46 - IEDULFITRI GREATING & AUDIO BOOK TAKBIRAN LIHA
P. 46

MATERI KHUTBAH IDUL FITRI


                abdi, jadi laksanakeun naon wae manehna hayang.” (Muttafaq ‘alaihi)

                Hal anu kawilang pentingna tina hadits ieu nu kedah dicatet, nyaeta yen

                dina waktuna hiji jalma ngalakukeun dosa kalayan dibarengan ku paraosan
                diponcrong sareng disaksikeun ku Gusti Allah terus.

                Saatos kitu maranehna sadar sareng nyesel, teu lami manehna ngulangi

                deui ngalakukeun dosa, dugi kasaterasna kitu kayaanana, tapi manehna
                menta panghampura ka Gusti Allah sembari ngarasakeun salah jeung
                ngayakini yen Allah ngagaduhan sifat anu maha panghampura, maka Gusti

                Allah bakal ngahampura maranehna.

                Sementawisna, dosa nu kawilang abotna (dosa besar) nyaeta manakala
                aya jalma nu maksiat ka Gusti Allah kalayan dibarengan ku kasombongan
                ka anjeunna, teu kersa ngarunduk jeung ngakui kana kasalahan nana

                ka Gusti Allah, padahal parantos nyata nu dilakukeun nana teh kalebet
                kana kasalahan, tah ku kaayaan kitu, ieu teh kalebet dosa anu kawilang

                bahayana.

                Tangtos benten upami dina hate leutikna sok hadir paraosan salah, tapi
                kadang kadang kaulang deui ngalakukeun kasalahan, saterasna menta

                panghampura, sareng ngaraoskeun kaduhung teras taubat ka Gusti.
                Tah kaayan kieu sok sanajan kaulang-ulang, in Syaa Allah bakal dihampura

                ku Gusti Allah, karena manusa tempatna salah sareng tempatna
                kalemahan.

                Maranehna henteu bisa ngabentengi dirina masing-masing saratus persen.

                Saban-saban jalma aya dina sakumaha kakuatan imanna anu teu sami.

                Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, Allāhu Akbar, walillāhil hamdu

                Dina waktos enjing-enjing anu kawilang endah ieu, kaula ngajak ka
                sadulur-dulur kabeh. Hayuk urang sami-sami bersyukur kana sagala

                kanikmatan ti Gusti Allah, salahsawiosna nikmatna tiasa ngajalankeun
                parentah puasa sabulan pinuh kalayan dibarengan ku ibadah dina wungian
                nana.


                Urang sadaya sayogyana gumbira kana sagala rupi anugerah sareng
                rahmatna Gusti Allah,anu sakumaha dipidauh ku anjeunna dina Al-Quran,





                                                            7
   41   42   43   44   45   46   47   48   49   50   51