Page 2 - Pedaran Drama kelas 9
P. 2
Pedaran Drama
Nurutkeun KBBI, drama nya éta karangan puisi
atawa prosa anu dipiharep ngagambarkeun
kahirupan jeung karakter ngaliwatan paripolah
(akting) atawa dialog anu dipentaskeun. Carita
atawa carita utamana anu ngalibetkeun konflik
atawa émosi anu husus pikeun pintonan téater.
Nurutkeun saurang ahli nu ngaranna Seni
Handayani, drama téh mangrupa gubahan tina
dua cabang seni, nya éta sastra jeung pintonan
nu engkéna bakal ngabagi drama jadi dua
wangun, nya éta naskah drama jeung drama
pentas.
Drama nyaeta salah sahiji rupa seni anu
wangunna mangrupa senipertunjukan anu
diterapkeun dina teater. Umpama di wewengkon
Sunda, jejer carita drama biasana dicokot tina
carita buhun anu geus aya di masarakat saperti
carita pantun atawa dongeng.
Naskah drama ditulis ku pangarang drama pikeun
dibaca jeung dilakonkeun ku para pamaen drama.
Naskah drama ditulis dina wangun paguneman.
Wangun paguneman mangrupakeun wangun anu
cocogpikeun nulis naskah drama, sabab kalimah
anu digunakeun dina paguneman nyaeta mangrupa
kalimah langsung.