Page 7 - RANGKUMAN MATERI BASA SUNDA KELAS 6
P. 7

❖  Wawan keur ngala lauk di balong.

               2. Conto kalimah pasif:
                       ❖ Bal ditendang ku Budi di lapangan.

                       ❖ Sangu keur digorēng ku ibu.
                       ❖ Lauk diala kuWawan di balong.


               C.  Babasan

                 1. Kandel kulit beungeut hartina teu boga kaéra

                 2. Kurung batok hartina resep cicing di imah
                 3. Murag bulu bitis hartina resep indit – inditan / teu betah cicing di imah



               PANGAJARAN  4.


               A.  Pupuh Mijil
                      Aduh Gusti anu maha suci
                      Sim abdi rumaos
                      Pangna abdi dumugi ka késrék
                      Rek ka sepuh parantos ngusi
                      Takabur sareng di,
                      Tega nundung sepuh
                               Aduh gusti nu kawasa
                               Jisim abdi ageung dosa
                               Pangna abdi gering nangtung
                               Rek ka sepuh wantun nundung

               B.  Pupuh Mijil
                      Mesat ngapung putra sang arimbi
                      Jeung mēga geus awor
                      Beuki lila beuki luhur baē
                      Larak – lirik ningali ka bumi
                      Milari sang rai
                      Pangeran Bimanyu

            ❖  Watek Pupuh Mijil ngagambarkeun rasa sedih/kasedih, tapi masih kēnēh aya harepan
            ❖  Guru lagu jeung guru wilang dina Pupuh Mijil nyaēta :
                         1.  Baris kahiji 10 –i
                         2.  Baris kadua = 6 –o
                         3.  Baris katilu = 10 – e
                         4.  Baris kaopat = 10 – i
                         5.  Baris kalima = 6 – i
                         6.  Baris kagenep = 6 – u






           DEDE WAWAN HERMAWAN, S.Pd.                                                                   Page 7
   2   3   4   5   6   7   8   9   10   11   12