Page 21 - E-Book Tema 1 Pertumbuhan dan Perkembangan Makhluk
P. 21

E-Book Tema 1 Pertumbuhan dan Perkembangan MakhlukHidup                        6 Agustus 2020




                         C. Nulis Aksara Ngantet




                      Kalimah Ngantet


                      Kalimah  ngantét  (id:kalimat  majemuk)  diwangun  ku  dua

               kalimah  atawa  leuwih  anu  dikantétkeun  atawa  diréndonkeun.

               Dumasar kana susunanana, aya dua rupa kalimah ngantét:


                      Kalimah  ngantét  satata,  nyaéta  upama  kalimah-kalimah

               panyusunna satata atawa sadarajat.


                      Kalimah ngantét séler-suméler, nyaéta upama aya kalimah

               luluguna jeung aya kalimah sélérna.


                      Citakan:Kalimah  Ngantet  Satata  Dina  kalimah  ngantét

               sélér-sumélér,  kalimah  lulugu  nyaéta  anu  ngabogaan  pola

               samodél  kalimah  salancar.  Sedengkeun  kalimah  sélérna

               ngabogaan  fungsi  pikeun  ngajembaran  salah  sahiji  élémén

               kalimah          lulugu,       bisa       dina       jejerna,       obyekna,          atawa

               kateranganana. Contona, (A) Awéwé téh  maké baju  batik. (B)

               Awéwé téh geulis kacida.


                      Gumantung  kana  kumaha  nyélérkeunana,  (A)  atawa  (B)

               bisa jadi kalimah lulugu.



               (A)  jadi  kalimah  lulugu:  "Awéwé  anu  geulis  kacida  téh  maké
               baju batik."



                      (B) jadi kalimah lulugu: "Awéwé anu maké baju batik téh

               geulis kacida."







                     S u b t e m a   3   P e r t u m b u h a n   H e w a n   P e m b e l a j a r a n   3           21
   16   17   18   19   20   21   22   23   24   25   26