Page 142 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 142

142







                           Parandena enggeus iklas,

                           Jeung deui iyeu nagari,
                           Teu nyana pisan,

                           Sugih bala perjurit.
                        2.   Enya éta aing téh nangtukeun yuswa,

                           Sarta tangtukeun perjurit,

                           Saupama aing menang,
                           Iyeu téh dina peperang,

                           Sarta mun éléh perjurit,diri percaya,

                            Milih bakal bareng jurit.
                        3.   Eukeur kitu enggeus rob ti tangan kiwa,

                           Teu (sic!) payun ti pengker deui,
                           Enggeus pacorok baraja,

                           Ngadukeun pucuk curiga,
                           Tingkuciwek kana keri (sic!),

                           Batara kala,

                           Ngetek ludira sondari.
                        4.   Radén Ahmad seug narik pecut pun kilat,

                           Jegér dipecut para jin,
                           Sumawona nu katinggal,

                           Hingga nu katurelengan,
                           Perjurit sakabéh jin,

                           Jeung pakarangna,

                           Parotong taya nu mahi.
                        5.   Jol ti gigir dipecut dibabuk mulang,

                           Ti pengker disépak semparani,

                           Jol ti luhur pék dihontal,
                           Nu jol ti handap ditinggang,

                           Geus murubut balad jin,
                           Tanpa wilangan,

                           Cara hujan murubut jin.
   137   138   139   140   141   142   143   144   145   146   147