Page 160 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 160

160







                           Hayu ayeuna para mantri,

                           Hayu urang pada iang,
                           Rehing aceuk ratu,

                           Badé gaduh tampa carita,
                           Carogéna Akang Ahmad raspati,

                           Putra sir maha sang.

                        18. Ari urang baris wali,
                           Reujeung urang nya saaya-aya,

                           Pikeun nulung ka aceuk téh,

                           Ngadeudeul sacongo rambut,
                           Matur mangga para mantri,

                           Prak dangdan enggeus sadiya,
                           Miyos teu ngibukeun ( ? ) deui,

                           Jengkar harita sadaya.
                        19. Para ponggawa rawuh para mantri,

                           Sumawonna Wiranjanu énggal,

                           Baé na cariyos,
                           Ka Manjeti enggeus cunduk,

                           Sami enggeus pada linggih,
                           Kuraesin ratu ajrek,

                           Sareng nu Ramjanu,
                           Barang para jin sadaya,

                           // Dewi Soja ngalinggihkeun kana korsi,          (82)

                           Semu anom pada lenggah.
                        XXV. SINOM

                        1.   Geus ruing mungpulung sadaya,

                           Sadérék lun wargi,
                           Ngerayas ( ? ) na korsi lenggah,

                           Panghulu mantra papatih,
                           Umarmaya geus ningali,

                           Sadaya geus pada kumpul,
   155   156   157   158   159   160   161   162   163   164   165