Page 175 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 175

175







                           Banget pisan dimana,

                           Leungit kuda samparani.
                        7.   Miyos hoyong tumpak kuda,

                           Ceuk Marmaya sakitu mah gampil teuing,
                           Engké dimana arék jung,

                           Pecut ngaran pun kilat,

                           // patung ( ? ) datang moal gagal teuing Enung,           (89)
                           Dén Ahmad tampi dawuhan,

                           Kaping telu perekawis.

                        8.   Bilih putra samiyan,
                           Kari-kari engké ngéwa raja putri,

                           Pinamaeun geus teu langkung,
                           Mun lalaki kumaha uwa,

                           Mun awéwé teu burung nyi ayu,
                           Umarmaya seug ngandika,

                           Éta baé dilandi.

                        9.   Mun pamegat kakasihna,
                           Enggeus tangtu Ganda Era Maya sari,

                           Dén Ahmad cocok kalangkung,
                           Éta kakaih putrana,

                           Umarmaya dikeraan ( ? ) ku kayungyunan,
                           Basa ganda éta kembang,

                           Basa ayu éta Nyai.

                        10. Basa maya kajadian,
                           Jadi nyai kajadianana sengit,

                           Sami pada suka kalbu,

                           Radén Ahmad seug munjungan,
                           Sot patih sami pada nya ka ratu,

                           Enggalna Rahadén Ahmad,
                           Angkat teu ( sic ) nagari Manjeti.

                        11. Jeung nyandak cameti kilat,
   170   171   172   173   174   175   176   177   178   179   180