Page 183 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 183

183







                           (Guru wilangan teu cumpon).

                        23. Tatapina hanteu kumawani,
                           Da keur nyomah atuh,

                           Teu gumedé kawas manéh,
                           Sakitu Ahmad ngalahir,

                           Ahmad bari indit,

                           Siti Bagdad dikantun.
                        24. Radén Ahmad ka latar geus sumping,

                           Tunggang kuda layon,

                           Geus kaluar ti karaton,
                           Ka Nyi randa enggeus sumping,

                           Sono teu digurit,
                           Geus tepang jeung ibu.

                        25. Kacarios Siti Bagdad putri,
                           Meunang wirang angot,

                           Papuket pinuh cikasaer (?),

                           Késang badag késang leutik,
                           Beurat arék indit,

                           Kumambang nya kalbu.
                        XXIX. Maskumambang

                        1.// barang cengkat Radén putri terus nangis,       (93)
                           Sasambat ka Emban,

                           Duh Emban kumaha kami,

                           Ayeuna meunang wiwirang.
                        2.   Diri kami nampa nyeri-nyeri teuing,

                           Ayeuna kasorang,

                           Sabab meunang bendon kami,
                           Cacad diri kawirang.

                        3.   Siyang wengi agan Siti Bagdad putri,
                           Nangis teu genah,

                           Sangsara lara wirang (sic!) nyeri ati,
   178   179   180   181   182   183   184   185   186   187   188