Page 204 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 204

204







                           Dén Ahmad seung nyandak éndong.

                        6.   Sumawonna éta kuluk,
                           Rap dangdan enggeus tarapti,

                           Ibu kuring neda dua,
                           Ayeuna dék nyusul agan,

                           Nyai randa seug ngalahir,

                           Ibu pidu’a ka Enéng.
                        7.   Dén Ahmad nyebah mundir,

                           Bari nepakan kakandi,

                           Ménta mabur iang ka sang,
                           Nyelesur ngapung ka madya,

                           Sumirik bareng angin,
                           Gancangna iyeu carios.

                        8.   Di jalan // hanteu kacatur,             (103)
                           Kocapkeun sumping ka Habsi,

                           Enggeus sumping ka kaputrén,

                           Waktuna sumping Dén Ahmad,
                           Jam tujuh harita wengi,

                           Dén Ahmad nepakan éndong.
                        9.   Ménta sirep langkung ngawut,

                           Teu lila sirep geus bijil,
                           Sirep ganda enggeus nyaksrak,

                           Ting geleduk tarunduh sadaya,

                           Sumawonna sifat jalmi,
                           Sato héwan pada molor.

                        10. Aya deui nu kacatur,

                           Kocap deui Raja Habesi,
                           Jeung sadaya para raja,

                           Eukeur pada sukan-sukan,
                           Dating sirep ganda wengi,

                           Dug kulem na korsi kérék.
   199   200   201   202   203   204   205   206   207   208   209