Page 242 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 242

242







                           Radén Ahmad taki-taki.


                        5.  Batu ramping geus dibalang,


                           Barang jedak ku Radén Ahmad ditakis,


                           Batuna biyur ka pungkur,


                           Dén Ahmad seug meunang panah,

                           Enggeus sumping jamparing mener kalangkung,


                           Jetét kana dada buta,


                           Koléang jumpalik mati.


                        6.  Barang gebut kana lemah,


                           Buta ngomong bari ngalengis,

                           Ménta dipindo pambunuh,


                           Disusul deui ku Ahmad,


                           Éta buta ku Ahmad disusul bunuh,


                           Seug narik pecut pet kilat,


                           Jetét dibabuk cameti.


                        7.  Buta hirup jadi dua,


                           Radén Ahmad  kagét barina ningali,

                           Énggal narik deui pecut,


                           Dipecut buta nu dua,


                           Ngajumpalik ngagero ménta dibunuh,


                           Lekas pukul lagi gua,
   237   238   239   240   241   242   243   244   245   246   247