Page 248 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 248

248







                        1.   // Wadya balad sadayana najan ingkar,

                           Réhing aya kabar yakin,
                           Anakna éta Nyi randa,

                           Anu eukeur nyusul buta,
                           Sami pada pasang kupinh,

                           Kadigjayana,

                           Beunang henteu Nyi putri.
                        2.   Para ponggawa guneman para baturna,

                           Lamun enya putri kénging,

                           Ku anakna Nyai randa,
                           Tegesna anyar di urang,

                           Jeung isin ku Kangjeng Gusti,
                           Kitu basana,

                           Sigeug nu keur gunem warti.
                        3.   Kacarita Wiramaya Wira Sentika,

                           Sareng Ahmad kitu deui,

                           Rawuh agan Siti Bagdad,
                           Enggeus sumping ti Habsih,

                           Ngungkulan ka nagri Mesir,
                           Rahadén Ahmad,

                           Ngarandeg bari ngaririg.
                        4.   Wiramaya coba tingal itu ka handap,

                           Anu keur kumpulan jurit,

                           Riab-riab wadya balad,
                           Coba éta hulu buta,

                           Ragragkeun ka dayeuh Mesir,

                           Iberan dongkap,
                           Sumuhun dawuh Dén putri.

                        5.   Supayana ngarah geger di nagri,
                           Wiramaya seug ngalahir,

                           Matur sumangga ka Dén Ahmad,
   243   244   245   246   247   248   249   250   251   252   253