Page 313 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 313
313
Di sisi bangawan Nil,
Para raja enggeus lalenggah,
Di pasangrahan sawengi,
Kocap deui geus isukan,
Tabuh lima urang Habsi.
10. Geus baris di medan pupus,
Bandera beureum ngelawir,
Geus dibudeur medan perang,
Tepi pikir Raja Habsi,
Henteu rék majukeun balab,
Nu maju ngan senapati.
11. Bandéra cap singa maju,
Katingal ku urang Mesir,
Kumendur mundur ka tukang,
Mukul tambur pasang baris,
Dina saluareun medan,
Kabéh geus baris di Mesir.
12. Ti Mesir geus pasang jebul,
Bendera cap singa sami,
Tandana wani ngalawan, (151)
Kocap nanya patih Habsi,