Page 330 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 330

330







                               Rongkah geus ngemplang,


                               Kawas jaladri sieun katinggang ku hujan,


                               Seuneu pareum hujan saat,


                               Janggélék Raja Gondani,


                               Kalawan Ahmad,

                               Magatru jongok ningali.


                        XXXXVIII MAGATRU


                        1.  // Raja Ahmad geus jongok papayun-payun,


                           Raja Gondani ngalahi,


                           Hayuh Ahmad sami taguh,

                           Bijikeun jajatén jurit,


                           Aing moal weléh tagoh.


                        2.  Sakumaha jajatén manéh kauntup,


                           Balikan manéh ka aing,


                           Milang bulan milang taun,


                           Hayang ngapesakeun ka aing,


                           Moal nete kana ramo.

                        3.  Coba hempék bijilkeun jajatén pupus,


                           Atuh Manjeti ngalahir,


                           Barina jeung nyebut duhung,


                           Ngaran sagagak keris,
   325   326   327   328   329   330   331   332   333   334   335