Page 352 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 352

352







                           Na ieu tukang babatang,

                           Bet datang ka jurit,
                           Da aing téh tacan mati,

                           Puguh aya masih hirup,
                           Rahadén Jaya Sutiya,

                           Ngalahir ka urang Habsih,

                           Aing téh nu matak datang ka médan.
                        11. Ngarep-ngarep anu modar,

                           Keuheul aing lila teuing,

                           Ayeuna mah teu kapalang //,                            (162)
                           // sumwonna anu mati,

                           Najan hirup urang Habsi,
                           Ku aing arék remus,

                           Sumawonna diri siya,
                           Aing teu kaliwat saking,

                           Sakalangkung hayang kop geura ngaremus siya.

                        12. Siya ulah nongtorgan,

                           Eukeur patut cara babi,


                           Mata beureum ngembang wera,


                           Cocog jeung omongan deui,


                           Nyebut-nyebut anjing Mesir,


                           Balikan siya nu alus,


                           Babi merik latang tulah,

                           Dangah ku Gancapuri,


                           Sakalangkung masangna barina medang.


                        13. Sérépétna penadangna,
   347   348   349   350   351   352   353   354   355   356   357