Page 416 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 416

416







                               Ben terahing gulubalang,


                               Sim abdi terahing nebi,


                               Putrana Sulaeman,


                               Putra ngiring Senapati.


                           7.  Ngagenténan rama perbu,

                               Ngayonan ka urang Habsi,


                               Sakitu abdi unjukan,


                               Muga uwa luntur galih,


                               Rama uwa ramo étang,


                               Sim abdi banget idin.

                           8.  Sakitu anu piunjuk,


                               Kakang ku Sultan Mesir,


                               Sarawuh ka para Raja,


                               Sakedap bengong teu muni,


                               Geus kitu Sri Maha Sultan,


                               Ngagentra ku sora mani.


                           9.  Sarta urang geus ngadangu,

                               Radén unjukan rék jurit,


                               Uwa teu weruh ngidinan,


                               Cindekna teu weléh idin,


                               Kumaha ceuk rama ujang,
   411   412   413   414   415   416   417   418   419   420   421