Page 441 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 441
441
Tétéla Raja Ermaya,
Gogodeg Raja Gondani.
26. Enya istu putu éyang,
Digjayana punjul ingalaga jurit,
Sadayana para Ratu,
Sami madep ka Ermaya,
Enggeus puguh Sultan Mesir padang galuh,
Raja Sadalsah ta(…),
Munjungan sinoman aji.
Sinom
1. Raja Sadalsah munjungan,
Kasadaya ponggawa Mesir,
Parantos ti Maha Sultan,
Tuluy mapay ka Prabupati,
Gok tepang jeung Gondani,
Nembé suka liwat langkung,
Sanggeusna éta munjungan,
Brak sadayana lalinggih,
Dina korsi suka-suka masangrahan.
2. Barang tuang suka bungah,
Kocap Dén Ahmad deuih,