Page 17 - Sabaryati Kumpulan Sajak, Suhandi Eses
        P. 17
     www.flipbuilder.com ©®
   www.flipbuilder.com ©®
                   Keur Manik                                                                       Kalangkang Sangkuriang
                   Imah téh panginditan anu cangra                                                  Usik marengan angin
                   ku rupaning kumelip manik                                                        Tingbelesur muru acining hirup
                   kaasih tina lebeting jantung                                                     Tingbelesat ngudag jatining hurip
                   Imah gé pangreureuhan anu liuh                                                   Peta diri loba nu ilang
                   ku rupaning kelir manik                                                          Paris van java ilangdangiang
                   kahéman tina acining tangtung                                                    Kawas sangkuriang
                                                                                                    Nu ngagugu sagala kahayang
                   Anjeun téh manik
                   damar imah-imah kuring                                                           Bandung, 041993
                   panggeuing galuring rasa
                   nu tacan lila cangra
                   Anjeun gé manik
                   banda imah-imah kuring
                   pangeusi sagara galuh
                   nu tacan lila liuh
                   Bandung, 041993
                                                 30                                                                      31





