Page 19 - Sabaryati Kumpulan Sajak, Suhandi Eses
        P. 19
     www.flipbuilder.com ©®
   www.flipbuilder.com ©®
                   Ti Sékéloa                                                                       Rajah Ki Pantun
                   Basa mulang ti sékéloa                                                           Pun sapun
                   peuting geus nangkeup waruga                                                     Sampurasun nu ti payun
                   langit ngalimba                                                                  Ampun ka sang Rumuhun
                   miripis nyisitan rasa
                                                                                                    Bul kukus ngelun ka manggung
                                                                                                    Papanggungan Sang Rumuhun
                   Kuring mulang
                                                                                                    Panuhun tapak ingsun
                   kajurung ku rumasa                                                               Pieunteungeun geusan ka manggung
                   jalir ka nu ngakandung baheula
                   ngelemeng pameunteu kakeliran méga                                               Kukus ngelun
                                                                                                    Haseup gerentes ingsun
                   Sékéloa, 021992                                                                  Wakca mung ka Rumuhun
                                                                                                    Seja mungkasan langit ngungun
                                                                                                    Duruwiksa teu nolih mangsa
                                                                                                    Nyaba ka sing saha jalma
                                                                                                    Ngerekeb lalangit rasa
                                                                                                    Batara Kala dina dada
                                                                                                    Tegal laga
                                                                                                    Mugia kakawasa
                                                                                                    Mungkas sajabaning méga
                                                                                                    Pun sapun
                                                                                                    Bul kukus ngelun ka manggung
                                                                                                    Haseup gerentes ingsun
                                                                                                    Ka Sang Rumuhun
                                                                                                    Bandung, 021992
                                                  34                                                                      35





