Page 24 - Sabaryati Kumpulan Sajak, Suhandi Eses
        P. 24
     www.flipbuilder.com ©®
   www.flipbuilder.com ©®
                     Dina Parahu                                                                    Cisangkuy Pasosoré
                     Matapoé lingsir ngulon                                                         Hariring angin
                     Mulas haté nu mimiti hariwang                                                  Cisangkuy pasosoré
                     Lalayaran dina parahu leutik                                                   Marengan léngkah
                     Ngaronghéap kabadugan lambak                                                   Urang nganjang deui
                     Najan teu ieuh ngagulidag                                                      Ka bihari
                     Tapi rasa mah
                     Teu pati tumaninah                                                             Bandung, 010814
                     Da angin basisir mawa iber:
                     emh urang téh tétéla leutik
                     tur hampang pisan
                     lir budah nu kokoléangan
                     na umpalan
                     Pantai Kejawan Cirebon, 13 Agustus 2013
                                          44
                                                                                                                               45
                                           4





