Page 45 - Nebula E-Magazine - Edisi Pertama
P. 45

Karya Carpon                            Karya dari
        Karya Carpon
        Karya Carpon
                                                Karya dari
                                                Karya dari
                                       M. Taufik Maulana
                                       M. Taufik Maulana
                                       M. Taufik Maulana






             MOTOR NABRAK TEU AYA ÉREMAN


                     Waktos saméméh wangsul sakola, kuring nangkring di
       warung sareng réréncangan. Nya kitu pisan pakasaban sapopoé lamun geus sakola téh.
      Palingna 10 menitan nangkring téh, lajeng ngeureuyeuh kuring gék naék motor .Sateuacan
        mangkat firasat kuring teu genah. Teu lami réréncangan sumping, "Kunaon?" pokna.
         Motor maju di jalan kuring ningali bensin seeutik deui. Kuring nyarita "rék ngeusian
                    bensin heula" éh pas ngeusian bensin turun hujan gedé.

         Kuring ngiuhan sareng réréncangan. Tibatan ngantosan hujan nepika peuting, kuring
      nuluykeun perjalanan sabari huhujanan. Sabari ngajak ngobrol, di hareup jalan kapegung
       caah. Anu nyieun motor rada teu ngeunaheun dibawana Kuring jadi balangah rupana di
         payun aya mobil box no asup ka PT Indofood. Ekeur mah motor tarik sareng teu aya
      eréman motor nenggar mobil box. Motor ngolong kusabab mobil aya rancangan mabet ka
                                 payuneun stang motor.

       Tuur soék ngait kana bemper mobil, kitu ogé calana soék. Kuring tuluy hudang langsung
      ménta hampura ka supir mobil box. "Hampura pak motorna teu aya eréman." Ceuk Kuring
        nu rumasa salah. Gagara diadu tuur, jadi lalinu. Ditingali téh tuur baréd panjang, pas
        ninggal jadi Leuleus. Kuring ngangkat réréncangan ka sisi jalan, tuluy ngangkat motor
      kasisi jalan pas ningali motor stépna potong jeung teu bisa dihirupan. Saprak kitu, kuring
         pusing soalna motor teu daék hirup. Atuh distép ku réréncangan dugika rorompok.
















                                                                              39
   40   41   42   43   44   45   46   47   48   49   50