Page 46 - Nebula E-Magazine - Edisi Pertama
P. 46

Karya Carpon                                           karya
        Karya Carpon
        Karya Carpon
                                                               karya
                                                               karya
                                                       putri suknaeni
                                                       putri suknaeni
                                                        putri suknaeni


                       Réunian di Hotél Harper


      Saminggu  katukang,  dinten  rebo  tabuh  satengah  lima  saba'da  netepan  subuh,
      kuring langsung siap-siap badé angkat ka Hotél Harper dina raraga réunian sareng
      réréncangan smp. Tabuh satengah genep kuring réngsé, tuluy langsung ngabaran
      réréncangan.
      Kuring naros "badé angkat jam baraha? kuring tos siap." ceuk kuring.
      "jam  genep    pas  atuh,  Kinna  nuju  dandan,  acan  béres  sakedap  deui"  ceuk  Kinna,
      babaturan  kuring  muhun,  kuring  otw  heula  ka  Kinna,  angkat  na  bareng"  ceuk
      kuring  "muhun  mangga,  kadé  di  jalan  na,  Kinna  ngantosan  nya"  ceuk
      Kinna."muhun" ceuk kuring. Tuluy kuring langsung angkat ka bumi Kinna.

      Tabuh genep langkung lima belas menit (06.15) kuring nembe dugi di bumi Kinna,
      Kinna  ogé  atos  ngantosan  di  hareupeun  bumi  na,  tuluy  kuring  sareng  Kinna
      langsung  angkat  ka  Hotél  Harper.  Tabuh  tujuh  langkung  lima  belas  menit  (07.15)
      kuring sareng Kinna dugi di Hotél Harper.
      Nalika  dugi,  kuring  sareng  Kinna  langsung  ka  tempat  anu  dituju,
      nyaéta  ka  restauranna  Harper.  Dugi  di  restauran,  kuring  sareng
      Kinna langsung gabung sareng réréncangan nu sanés na, "wah, atos
      seueur  geningan"  ceuk  kuring  di  jero  haté.  Kuring  sareng
      réréncangan  ngobrol  random,  tentang  kabogoh,  babaturan
      ditempat  gawé,  sareng  ngungkit  momen  nalika  smp,  flashback
      bahasa gaul na mah.
      Soré  na,  tabuh  satengah  opat  (03.30)  kuring  sareng
      réréncangan  mulih  ka  bumi  séwang-séwangan.  Kuring
      sareng Kinna teu langsung mulang, kuring sareng Kinna
      malah  jajan  heula  ka  Alfamart  sabab  wengi  na  kuring
      sareng Kinna badé nobar drakor di bumi kuring.


                                                                              40
   41   42   43   44   45   46   47   48   49   50   51