Page 10 - eMODUL B.SUNDA N.RITA
P. 10
Sabada hidep nengetan rupa-rupa conto warta diluhur, aya nu wangun
tinulis, aya nu wangun lisan. Dina warta lisan aya Tangara Pasundan di
Bandung TV atawa dina Radio RRI Bandung. Dina wangun tinulis salian ti
Koran Galura jeung majalah Manglé tangtu masih loba conto-conto warta nu
sejenna saperti Cupumanik, Giwangkara, Sunda Midang jrrd, tapi jaman
kiwari dina abad 21 nu sarwa téhnologi pasti aya parobahan, warta nu baheula
mah ngan bisa ditulis dina kertas ayeuna mah geus bisa midang dina dina
internet. Geuning ngaranna gé ganti jadi Manglé online atawa mun dina buku
jadi e-book. Warta téh sagala hal anu aya hubunganana jeung informasi,
kiwari mah babari pisan hayang apal warta ti nagara sejen mah salian ti tina
TV atawa radio bisa ngaliwatan internet.
Kitu ogé warta lisan anu diregepkeun ku hidep dina youtube nalika QR
Code na rengsé di scan ku hidep. Hidep tangtu saeutikna bakal apal nu
kumaha ari warta téh, warta anu dipidangkeun bisa dina wangun audio visual
bisa dipaluruh dina internet atawa lalajo dina TV, kitu ogé warta anu
wangunna audio, urang bisa meunangkeun warta ku cara ngadangukeun radio.
9