Page 171 - Modul Pembelajaran X IPS Jadi
P. 171
sajarah atawa patempatan anu ngandung sajarah. Contona : Prabu Siliwangi, Prabu
Kéan Santang, Dipati Ukur, Syéh Abdul Muhyi, jsb.
1) Prinsip
• Ciri-ciri cerita dongeng.
1. Caritana pondok.
2. Eusina ngandung unsur pamohalan, teu asup akal.
3. Galur caritana ilaharna maju tur basajan.
4. Sipatna tradisional kusabab sumebarna sacara lisan (tatalépa) tur turun-tumurun.
5. Pangarangna teu kapaliré (anonim).
6. Miboga pungsi salaku média atikan jeung hiburan.
• Unsur-unsur Intrinsik Dongéng
1. Téma/Jejer
2. Judul
3. Tokoh/Palaku
4. Karakter
5. Galur carita
6. Latar (tempat, waktu)
7. Amanat
• Unsur-unsur Ekstrinsik Dongéng
1. Puseur implengan (Sudut pandang)
2. Suasana
D. Latihan Soal
1. Jenis-jenis dongéng ditinggali tina eusina di antarana nya éta ...
a. Fabel, farabel, sasakala, mite
b. Fabel, legenda, sasakala, sage
c. Sasakala, sage, babad, mite
d. Babad, sage, fabel, carpon
e. Carpon, babad, sasakala, sage
Modul Bahasa Sunda X | 159