Page 91 - Modul 2 Kelas 6:Tema 2
P. 91
Modul 2 Kelas 6: Persatuan dalam Perbedaan
Dumasar kana conto di luhur, pupuh durma teh kauger ku :
1. tiap pada diwangun ku 7 padalisan
2. padalisan ka hiji diwangun ku 12 engang, guru laguna (a)
3. padalisan ka dua diwangun ku 7 engang, guru laguna (i)
4. padalisan ka tilu diwangun ku 6 engang, guru laguna (a)
5. padalisan ka opat diwangun ku 8 engang, guru laguna (a)
6. padalisan ka lima diwangun ku 8 engang, guru laguna (i)
7. padalisan ka genep diwangun ku 5 engang, guru laguna (a)
8. padalisan ka tujuh diwangun ku 7 engang, guru laguna (i)
9. watek nu ngawangun pupuh durma, nyaeta siap rek tarung
Pék tengetan ku hidep rumpaka kawih ieu!
1. Teu honcéwang (teu ringrang)
Sumoréang (hariwang)
Tékadna Pahlawan bangsa (pahlawan)
Cadu mundur (takabur)
pantrang mulang (honcéwang)
Mun maksud tacan laksana
Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tégang pati
Taya basa ménta pamul ang tarima
Iklas réla keur korban merdéka
2. Sinatria danalaga
Béla bangsa jeung nagara
Dibarengan tékad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan bangsa
DINAS PENDIDIKAN KOTA TASIKMALAYA 89