Page 92 - Modul 2 Kelas 6:Tema 2
P. 92
Modul 2 Kelas 6: Persatuan dalam Perbedaan
Nilik kana cara nuliskeunana, rumpaka kawih jeung pupuh téh sarua,
ditulis dina wangun pada (bait), disebutna wangun sajak. Dina rumpaka kawih
mindeng kapanggih dina unggal padalisanna sok aya nu mola 8 engang. Tapi,
lain hartina kudu kitu.Tah, rumpaka kawih mah wangunna téh sajak bébas.
Bébas dina nangtukeun jumlah padalisan (jajaran) dina sapadana. Unggal
padalisan bébas rék sabaraha jumlah engangna, maksudna bébas teu kauger
ku guru wilangan. Pon kitu deui unggal tungtung padalisan teu kauger ku guru
lagu. Éta mah kumaha nu nyipta lagu baé. Rumpaka lagu kawih mah sok
dijieun husus baé diniatan keur kawih.
Lamun hidep rék nyieun pupuh durma, kinanti, atawa pupuh nu lianna,
teu bisa sakarepna nyusun padalisan kumaha kahayang hidep. Tapi kudu
nurutkeun aturanana dina unggal pupuh. Sabab, pupuh mah geus aya
patokanana (aturanana), maké guru lagu, guru wilangan, geus tangtu jumlah
padalisan dina unggal padana.
1. Urang ngabandingkeun pupuh jeung kawih
Ngabandingkeun hal wangun (bentuk) sarta eusi pupuh durma jeung
rumpaka kawih
Pupuh Kawih
Wangun Wangun
1. Diwangun ku pada (bait) 1. Jumlah pada (bait)
anu geus tangtu jumlah teu ditangtukeun kudu
padalisanna (jajaran) sabaraha-sabarahana
2. Unggal tungtung padalisan 2. Jumlah jajaranana teu
geus tangtu sorana (guru ditangtukeun kudu
laguna) sabaraha-sabarahana
3. Unggal padalisan teu
3. Unggal padalisan geus
ditangtukeun jumlah
tangtu jumlah engangna
engangna (guru
(guru wilangan)
wilanganana)
2. Pintonkeun ka sepuh hidep !
Baca deui pupuh durma “Buméla ka Lemah Cai, jeung kawih “Karatagan
Pahlawan”. Pék tembangkeun Pupuh Durma, tuluy kawih- keun Karatagan
Pahlawan!
DINAS PENDIDIKAN KOTA TASIKMALAYA 90