Page 65 - modul BDR kelas 6 tema 1
P. 65

Jalak Bali Rék Tumpur di Habitat Aslina


                      Jalak Bali atawa Curik Bali téh nyaéta manuk nu panjangna 25 cm.

               Manuk nu resep disada. Warna buluna bodas, mangrupa sato nu hirupna

               matuh di hiji tempat (éndemik) nu aya di Pulo Bali beulah kulon. Ieu manuk
               téh  minangka  sato  éndemik  Pulo  Bali  nu  masih  aya,  sanggeus  maung

               (harimau) Bali geus teu aya di kieuna. Ti mimiti taun 1991, sato nu kagolong

               kana  katégori  “kritis”  téh  digolongkeun  jadi  “fauna  idéntitas”  (maskot)  di

               Provinsi Bali.

                      Dr. Baron Stressmann, ahli sato manuk urang Inggris nu pangheulana
               manggihan jalak Bali dina tanggal 24 Maret 1911.

                       Manuk  Jalak  Bali  babari  katangén  da  boga  ciri-ciri  husus,  saperti

               buluna  bodas  di  sakujur  awakna.  Kajaba,  tungtung  buntutna  jeung
               jangjangna warna hideung. Pipina mah taya buluan, warnana biru, sukuna

               warna abu-abu. Manuk jalu jeung bikang téh sarupa. Jalak Bali méh tumpur,

               béak. Nu masih kénéh bisa hirup di alam habitat asli ukur wewelasan baé.

                      Ku  kituna,  Jalak  Bali  dilarang  didagangkeun.  Kajaba,  manuk  hasil

                                                                      usaha           ngendogkeun,
                                                                      nganakkeun (penangkaran)

                                                                      ti  turunan  katilu.  Jadi  lain  ti

                                                                      tempat hirupna di leuweung.

                                                                             Supaya  Jalak  Bali  teu
                                                                      tumpur,     geus     diayakeun

                                                                      pusat  “penangkaran”,  nu

                                                                      salah  sahijina  tempatna  di

                                                                      Buléléng Bali ti taun 1995. Kitu
                                                                      deui,    di   unggal      kebon

               binatang  di  sakuliah  dunya  ngayakeun  program  “penangakaran”  Jalak

               Bali.

                           (Diropéa tina “Jalak Bali Nyaris Punah di Habitat Asli”, Alamendah
                                                                                                Blog )



                                                         60
   60   61   62   63   64   65   66   67   68   69