Page 67 - modul BDR kelas 6 tema 1
P. 67
Dina kalimah di luhur aya gundukan kecap “Rumasa kuring mah kurung
batok “ hartina ‘teu kungsi indit ka nu jauh, tetep di lemburna’. Gundukan kecap
samodel kitu anu runtuyannana angger atawa matok tur ngandung harti injeuman
atawa babandingan lambang kahirupan disebutna paribasa. Rea keneh paribasa
sejenna dina basa sunda. Geura pek tengetan ku hidep!
B. Ngalarapkeun Paribasa
Ieu di handap aya paribasa anu make kecap sasatoan, pék larapkeun
dina kalimah!
1. Ayakan tara meunang kancra (hartina: nu bodo jeung nu pinter moal
sarua darajatna jeung panghasilanana)
2. Anak merak kukuncungan (hartina: sipat-sipat nu aya di anak,
babakuna nu hadena, sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna)
3. Paanteur-anteur julang (hartina: silih anteur maké aya dua tilu kalina
4. Sentak badakeun (hartina: teu cééhan dina digawé. Dina mimitina
mah kacida getolna, tapi beuki lila, beuki ngedul, tungtungna
pagawéan téh diantep teu dipigawé pisan)
5. Ngabuntut bangkong (hartina: ku lantaran teu pati nyaho kana
perkarana atuh teu bisa terus nyaritakeunana)
6. Banténg ngamuk, gajah meta (hartina: naon baé atawa saha baé
anu dipikasieun ku urang)
7. Kawas lauk asup kana bubu (hartina: gampang meunangna jeung
asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé beleke kaluarna jeung
ngejagkeunana éta pagawéan)
8. Buluan belut, jangjangan oray (hartina: pamohalan kajadian)
9. Jaman cacing dua saduit (hartina: baheula pisan)
10. Cara gaang katincak (hartina: anu tadina ramé kacida, ayeuna mah
jempling pisan)
62