Page 104 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 104
104
Mawa kotor kana layang,
Ngaleueut parantos tutup,
Sumangga di dinya maca.
30. Radén calik bari nangis,
Susah ka mana nya jalan,
Luwak liyeuk ngalér ngulon,
Kocap aya hiji emban,
Hawatos ninggal Dén Ahmad,
Geuwat ku eman diburu,
Bijil nyampeurkeun ka Ahmad.
XVI. Mijil
1.Radén ka emban ningali,
Sarta langkung atoh,
Sing ka diyeu emban masing téréh,
Geura atuh iyeu kami,
Tulungan pirhatin, (sic!)
Kumaha nya wangsul.
2. Nyai emban ka Ahmad ngalahir,
Deudeuh teuing Enéng,
Paingan teuing keur gohgoy,
Karana sim kuring tadi,
Geus ningali sidik,
Anjeun téh diracun.
3. Keur waktu dicidra ku putri,
Hanteu nginjeum panon,
Radén téh basa keur ongkék,
Ti baham aya nu bijil,
Didahar ku putri,
Rupa hulu manuk.
4. Radén Ahmad nguping tambah ngerik,
Ngandel ka nu nyarios,