Page 120 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 120

120







                           Rupana téh jeruk mipis,

                           Jeung minyak wijen jebul,
                           Gancangna Radén Ahmad,

                           Dilandongan éta putri,
                           Hanteu lami Nyai putri enggeus waras.








                        XIX. Kinanti
                        1.Ras imut Nyi putri lulus (sic!),

                           Semu sepa bari nangis,
                           Raga lesu reujeung piyas,

                           Urut tuwang daru beusi,
                           Sarta manahna rumasa,

                           Ku Ahmad ngaraos isin.

                        2.   Nyi putri nalangsa kalbu,
                           Nyaur ka Ahmad raspati,

                           Rumaos kuring téh dosa,
                           Cidra ka Kang Ahmad tadi,

                           // ayeuna nuhun kabayar,            (63)
                           Teu bénten Engkang binangkit.

                        3.   Keur kasép digjaya punjul,

                           Duh Gusti panutan kuring,
                           Ayeuna sadaya-sadaya,

                           Nyanggakeun dua pangbakti,

                           Rumaos dikarigeden,
                           Bodo talingeuh sim kuring.

                        4.  Geus aya Ratu saratus,
                           Ratu ngalamar ka kuring,

                           Ku Ama hanteu ditampi,
   115   116   117   118   119   120   121   122   123   124   125