Page 121 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 121

121







                           Sabab tacan purun galih,

                           Numawi teu purun manah,
                           Sabab aya nu dipamrih.

                        5.  Manawi dipareng maksud,
                           Nanyaan lanang sejati,

                           Taya ménak taya somah,

                           Anu surup reujeung piker,
                           Ayeuna sim kuring mendak,

                           Nya Engkang nu saé galih.

                        6.   Nyanggakeun diri sakujur,
                           Hingga ayana sim kuring,

                           Upama Kang Ahmad angkat,
                           Moal kantun jisim kuring,

                           Suka teu suka nya manah,
                           Diteda rido galih.

                        7.   Papada miunjuk kitu,

                           Putri ka Ahmad Raspati,
                           Bari nerapkeun asihan,

                           Kawantu putrid binangkit,
                           Asihan si Jaran guyang,

                           Nu matak nguyung nya pikir.
                        8.   Reujeung asihan si Guntur,

                           Nu matak luntur nya galih,

                           Katilu racun jalar,
                           Nu matak kelar ningal,

                           Kasmaran mapat amarah,

                           Malik asih ka awaking.
                        9.   Sepi bagedad bagedud,

                           Radén Ahmad seug ngalahir,
                           Pun engkang téh nuhun pisan,

                           Ngangken galih ka nu miskin,
   116   117   118   119   120   121   122   123   124   125   126