Page 127 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 127

127







                           Sadérék Umir Hamyah,

                           Mangsa harita keur suwung,
                           // sakabéhna pada saat.           (66)

                        3.  Keur pada ngiring ratu jin,
                           Jumaah ka Jabal Kupah,

                           Numawi suwung sakabéh,

                           Nu aya di Jabal Kupah,
                           Kuraesin Nyi Asmaya,

                           Sakitu ratu kacatur,

                           Kocap deui Radén Ahmad.
                        4.  Sareng Siti Bagdad putri,

                           Pelesir ka padaleman,
                           Radén Ahmad seug marios,

                           Naha Enéng Siti Bagdad,
                           Kapan aya téh nagara,

                           Reujeung kalangenan lucu,

                           Namung teu aya jalmana.
                        5.  Namung Siti Bagdad putri,

                           Sumuhun iyeu ka mana,
                           Kang rai langkung helok,

                           Naha iyeu padaleman,
                           Nu sakiyeu sayagana,

                           Kuring héran liwat langkung,

                           Naha ka mana jalmana.
                        6.  Ayeuna iyeu nagari,

                           Jadi geus teu didayeuhan,

                           Disebutkeun ari kolot,
                           Da iyeu sayagi pisan,

                           Ngan sugan nagara wakap,
                           Pangbubusan ratu kabur,

                           Cing coba urang abusan.
   122   123   124   125   126   127   128   129   130   131   132