Page 273 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 273

273







                           Ibuna Radén Komala,

                           Kagét nguping Nyi Panghulu,
                           Énggalna gancang dihormat.

                        3.   Duh gusti parameswari,
                           Pun aceuk gusti haturan,

                           Sono ka putra mah engké,

                           Ayeuna sumangga lenggah,
                           Putra geus jadi meswara,

                           Meswara Sumanta nyaur,

                           Duh aceuk Ahmad ilahi.
                        4.   Nya tulung Robbul Alamin,

                           Ganjaran nu ngangluh manah,
                           Nuhun ka gusti yang Manon,

                           Asal duka mendak suka,
                           Ati suka anak bagja,

                           Walon deui Nyi Panghulu,

                           Eujeung aceuk sama-sama.
                        5.   Aceuk gé nya kitu deui,

                           Carék basa jawa téa mah,
                           Urang téh geus sami mawon,

                           Arék sakumaha urang,
                           Ngan kari sukur ka Alloh,

                           Ceuk ibu Ratna sumuhun,

                           Urang kantuna kembang soca.
                        6.   Sing wareg urang ningali,

                           Ieu dina berhimpunan,

                           Saénggalna permeswara téh,
                           Geus lenggah para garwa,

                           Ratna Komala nembalan,
                           Segruk nangis bari munjung,

                           Duh ibu kuring haturan.
   268   269   270   271   272   273   274   275   276   277   278