Page 274 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 274

274







                        7.   Berkah ibu rama deui,

                           Langkung ningali ayeuna,
                           Diulumayankeun abdi téh,

                           Jeung sultan keur sami garwa,
                           Enya iueuh diri abdi,

                           Nu asih ka jalma pulung,

                           Nuhun geulis ceuk ibuna.
                        8.   Siti Bagdad unjuk deui,

                           Duh gusti deui haturan,

                           Sim kuring sareng putra téh,
                           Mentas wangsul tina kelar,

                           Saéna abdi boh putra,
                           Cilaka bagja jeung untung,

                           Jawab meswari Sumanta.
                        9.   Nuhun Enéng anu geulis,

                           Nu jadi margalantaran,

                           Darajat pasihan Enéng,
                           Sapaat anu jeung rama,

                           Ibu téh kantun // sukana,
                           Ti dinya brék pada lungguh,                                      (135)

                           Ngabaris para ponggawa.
                        10. Kocapkeun Panghulu Mesir,

                           Haturan mintan sadaya,

                           Kanu tuwa kanu anom,
                           Mamang nyanggakeun hadiah,

                           Salametan ieu nikah,

                           Jeung hadiah ka karuhun,
                           Ka nu tilar dunya sadaya.

                        11. Sultan berkah di Mesir,
                           Nya éta nu geus tilar dunya,

                           Mugi-mugi di kubur téh,
   269   270   271   272   273   274   275   276   277   278   279