Page 371 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 371

371







                               Geus dihujanan jamparing,


                               Panah ditepak geus rag-rag,


                               Rariges jamparingna,


                               Tayohna Raja Habsi,


                               Apan tandingan,

                               Kira-kira cara iblis.


                           7.  Ngarusuhkeun ngaributkeun ku senjata,


                               Jadi ……….urang Habsi,


                               Balad Mesir loba pisan,


                               Nu kapidara ku panah,

                               Kocap Radén Ahmad deui,


                               Geus silig jengkat,


                               Bari nepakan kakandi.


                           8.  Ménta-ménta panakis pikeun pun kilat,


                               Geus bijil cameti kulit,


                               Tina éndong geus dicaandak,


                               Katingal ku Raja Sundan,

                               Barina seug meubeut deui,


                               Ka Radén Ahmad,


                               Ditakis ku pecut kulit.
   366   367   368   369   370   371   372   373   374   375   376