Page 372 - WAWACAN AHMAD MUHAMMAD
P. 372

372







                           9.  Radén Ahmad geus kitu mah tangguh,


                               Kuat Raja Sundang tambah pusing,


                               Seug dibeubeut deui Ahmad,


                               Dén Ahmad nakis,


                               Tangginas Dén Ahmad,

                               Males ngagitik,


                               Ku pecut kawawa éta cameti kulit.


                           10. Bari ceuyah Raja Sundan hanteu robah,


                               Dua kali tilu kali,


                               Raja Sundang tangguh kuat,

                               Ana males Raja Sundang,


                               Jebét Ahmad ditampiling,


                               Dén Ahmad nadah,


                               Méh teu kitu Sang Manjeti.


                           11. Jumarigjeug méh deui rubuh // Dén Ahmad,                       (169)


                               Raja Sundang muru gasik,


                               Dén Ahmad didupak,

                               Tipetoleng meunang satumbak,


                               Radén Ahmad males deui,


                               Seug silih dupak,


                               Raja Sundang tidupak tarik.
   367   368   369   370   371   372   373   374   375   376   377