Page 3 - Modul ajar flip ila
P. 3

Novel




               Novel nyaéta salah sahiji karya sastra wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu
                                                                          [1] [2]
               eusi jeung jalan caritana panjang tur loba babagianana.    Diwangun ku basa
                                                                                     [2]
               lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila.  Sanajan
               kaasup carita fiksi, palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadianana bisa
                                                                                [2]
               katarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna (fakta).  Eusi novel aya ogé
               anu didadasaran ku kajadian anu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna
               sok diréka-réka deui disaluyukeun jeung pangabutuh carita sangkan leuwih
                               [2]
               pikaresepeun.
               Kamekaran



               Novel téh prosa rékaan (fiksi) nu naratif (wujud lalakon), umumna panjang sarta
               galur caritana atawa plot-ma kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana,
               novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian,
               laluasa ngadéskripsikeun latar jeung laluasa ngahirupkeun karakter palakuna.
               Dina Eropa mah umumna ngagunakeun istilah roman, nu asal muasalna
               tina kecap romance (puisi panjang atawa prosa anu ngolah lalakon asmara atawa
               ngalalana). Tapi, basa Inggris mah milih istilah nu asalna ti basa Italia nyaéta
               novella, hartina carita nu pondok dina wangun prosa. Dina abad ka-14 di Italia
               ceuyah sarta populér ku rupa-rupa roman, boh anu pinunjul boh anu picisan. Lila-lila
               ngagésér, istilah novella (dina basa Jerman mah novella) mindeng digunakeun
               saharti jeung novelét (novellete), prosa fiksi nu teu pati panjang. Dina
               sastra Sunda kungsi dibédakeun wangenan ngeunaan istilah novel jeung roman téh,
               padahal saenyana mah sarua. Ku kituna, dina kamekaran kiwari, leuwih hadé
               ngagunakeun éta dua istilah téh dina harti atawa wangenan anu sarua nyaéta novel
               atawa roman. Dina ulikanana, papasingan novel téh dumasar kana umur
               (umpamana aya novel Sunda samemeh Perang), kana eusina (upamana aya novel
   1   2   3   4