Page 4 - Modul ajar flip ila
P. 4
sajarah), kana ukurana (upamana aya novelét), dumasar kana kualitasna (upamana
[3]
aya novel populér) jeung réa-réa deui.
Unsur
Unsur dina novél téh dijéntrékeun kieu.
[2]
1. Téma nyaéta inti carita nu bisa diwangun tina runtuyan kajadian.
2. Galur kaasup unsur penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan
kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun
atawa dipandeurikeun, sarta nembongkeun sabab akibat kajadian dina
[2]
carita.
3. Palaku nyaéta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. nilik jenisna mah aya nu
[2]
disebut palaku utama jeung palaku tambahan.
4. Latar nyaéta lingkungan sabudeur anu ngurilingan kajadian tur waktu atawa
[2]
mangsa nu lumangsung dina hiji carita.
5. Puseur implengan nyaéta puseur panitén atawa jihat sawangan (point of
view) ngandung harti (ku saha) dicaritakeuna éta karangan atawa titik mimiti
carita.
[2]
6. Gaya basa nyaéta cara ngébréhkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa
[
anu has nu némbongkeun pribadi pangarang.

