Page 165 - MODUL X MIPA BIRU
P. 165
ditarjamahkeun kana basa Indonesia ku Abdul Muis. Numbuk di Sue karanagan Moch.
Ambri ditarjamahkeun ku Ny. Ch. Saleh jadi Dasar Sial. Ajip Rosidi narjamahkeun
Ngawdalkeun Nyawa karangan Moch. Ambri jadi Mengurbankan Diri, jrrd.
Kiwari, kawilang carang buku basa deungeun atawa buku basa Indonesia anu
ditarjamahkeun kan basa Sunda teh. Dina ayana oge, karangan sastra parondok saperti
carita pondok (carpon) atawa dongeng. Lolobana anu ditarjamahkeun teh artikel atawa
warta, utamana mah pikeun kapentingan media massa basa Sunda saperti radio, koran,
majalah, jeung tv.
Upama ku urang ditengetan, kasalahan ngagunakeun basa Sunda dina
tarjamahan téh, lain baé soal kabeungharan kecapna, tapi soal adegan kecap jeung
adegan kalimahna deuih. Adegan kecap basa Sunda, tangtu beda jeung adegan kecap
basa Indonésia. Kitu deui jeung adegan kalimahna.
Kasalahan nu mindeng kapanggih, di antarana :
1. Merupakan ditarjamahkeun “mangrupakeun” atawa “ngarupakeun”, kuduna
“mangrupa”.
2. Kebutuhan ditarjamahkeun “kabutuhan”, kuduna “kabutuh” atawa “pangabutuh”.
Membutuhkan = mikabutuh
Dibutuhkan = dipikabutuh
3. Kebenaran ditarjamahkeun “kabeneran”, kuduna “bebeneran”
Kebetulan = kabeneran
Membenarkan = ngabenerkeun, ngaenyakeun
Membetulkan = menerkeun, ngoméan
4. Melestarikan ditarjamahkeun “ngalestarikeun” atawa “ngalastarikeun” (lastari dina
basa Sunda = paéh, ngalastarikeun = maéhan), kuduna “ngamumulé”
5. Mempunyai ditarjamahkeun ngabogaan, anu leuwih merenah nya éta “boga”,
“miboga”, atawa “mibanda”
6. Kekayaan ditarjamahkeun “kakayaan”, anu pernah “pakaya”, “kaboga”, “pangaboga”,
“kabeungharan”
7. Seorang lelaki ditarjamahkeun “saurang lalaki”, leuwih merenah “hiji lalaki”
8. Keturunan sok ditarjamahkeun “katurunan”, leuwih merenah “turunan”, “rundayan”,
“teureuh”, atawa “séké-sélér”
Suku bangsa = sélér bangsa
9. Pemilihan umum sok ditarjamahkeun “pamilihan umum”, anu merenah mah “pilihan
umum”, sabab dina basa Sunda kecap “pamilihan” ngandung harti “sésa milih”
10. Preman sok ditarjamahkeun “paréman”, padahal kecap “paréman” dina basa Sunda
miboga harti “geus eureun tina pagawéan” atawa “pangsiun”, anu matak sangkan teu
salah harti, dipaké baé kecap “préman”
11. Pengangguran sok aya nu narjamahkeun “pangangguran”, anu merenah mah “anu
ngaligeuh” atawa “anu nganggur”, sabab kecap “pangangguran” dina basa Sunda
ngandung harti “pagawéan anu tambuh” dina basa Indonésia mah méh saharti jeung
iseng-iseng
12. Mengharapkan sok ditarjamahkeun “ngaharepkeun”, anu merenah mah “miharep”.
Modul Bahasa Sunda X | 153