Page 170 - MODUL X MIPA BIRU
P. 170
2. Farabél
Dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma dina kahirupan sapopoé.
Contona : Si Kabayan, Tukang Cukur Panipuan, jsb.
3. Mite/Mitos
Dongéng anu eusina nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu aya patalina jeung
unsur magis atawa alam gaib, anu dianggap karamat ku masarakat. Umumna
ngalalakonkeun kajadian alam dunya, manusa, ayana déwa jeung ayana maot. Contona
: Nyi Roro Kidul, Déwi Sri, Maung Kajajadén, jsb.
4. Sasakala
Dongéng anu nyaritakeun asal-muasal hiji kajadian, tempat, tutuwuhan, sato,
atawa barang, jeung dianggap minangka hiji kajadian nu bener-bener kungsi aya, sarta
jadi cicirén hiji tempat. Contona ; Sasakala Situ Cileunca, Sasakala Situ Bagendit,
Sasakala Gunung Geulis, Sasakala Gunung Tangkuban Parahu, Sasakala Cau
Manggala, jsb.
5. Babad/Sagé
Dongéng ngeunaan carita kapahlawanan, nu nyaritakeun kahirupan manusa di
masarakat jeung dina sajarahna. Atawa dongéng anu aya patalina jeung tokoh-tokoh
Modul Bahasa Sunda X | 158