Page 174 - MODUL X MIPA BIRU
P. 174
KAGIATAN PANGAJARAN 3
A. Judul Modul
Materi 3 : Laporan Kagiatan
B. Tujuan Pangajaran
Setelah proses / kegiatan belajar mengajar laporan kegiatan selesai, peserta didik
mampu:
1. Mengidentifikasi isi, struktur dan unsur kebahasaan laporan kegiatan.
2. Menulis laporan kegiatan dengan memperhatikan struktur dan unsur kebahasaan.
C. Uraian Materi
Wangenan laporan kagiatan
Laporan nya eta hiji wangun pikeun nepikeun warta, katerangan, bewara, atawa
pertanggungjawaban, boh lisan atawa tulisan. Laporan mangrupa salah sahiji alat
pikeun nepikeun informasi boh formal atawa informal.
Kangaranan laporan, biasana kudu lengkep, ti awal nepi ka ahir. Lamun urang
ngalaporkeun hiji kagiatan, ogé kudu lengkep. Ti mimiti kumaha kasang tukangna,
kumaha prosésna, nepi ka didadarkeun hasil kagiatanana. Sok sanajan aya laporan anu
dijojoan mana anu pentingna baé.
Prinsip
1) Eusi laporan kagiatan
Eusi laporan kagiatan teh ngadadarkeun kagiatan-kagiatan nu geus dilakukeun
2) Struktur Laporan kagiatan
Struktur laporan kagiatan ngawengku : bubuka, eusi, panutup
3) Sistematikana kerangka laporan téh ngawengku :
1. Jejer kagiatan
2. Tempat jeung waktu kagiatan
3. Pamilon calagara
4. Kasangtukang
5. Pedaran kagiatan
6. Panutup
Prosedural
Lengkah-lengkah dina nyusun laporan kagiatan :
1. Nangtukeun ngaran kagiatan
2. Nangtukeun tujuanana keur naon
Modul Bahasa Sunda X | 162