Page 175 - MODUL X MIPA BIRU
P. 175
3. Nangtukeun pelaksanaanana (tanggal, tempat jeung waktu) kagiatan
4. Nangtukeun panata calagara
5. Nangtukeun pamilon
6. Nangtukeun waragadna
7. Ngalaksanakeun kagiatan
8. Nyieun laporan kagiatan
Dina nyusun laporan kagiatan, laporan nu ditulis kudu lengkep kalawan ngajawab
pertanyaan nu ngawengku 5W+1H . Eusi laporan kagiatan kudu singget jeung munel,
sarta sistematis.
Prosedur
Léngkah-léngkah nulis laporan kagiatan:
1. Bubuka
2. Eusi
3. Panutup
D. Latihan Soal
1. Laporan kagiatan miboga sifat anu ...
a. Basajan
b. Faktual
c. Faktual jeung sistematis
d. Formal jeung non formal
e. Resmi jeung teu resmi
2. Hal anu diperlukeun nalika urang rék mimiti nulis hiji laporan kagiatan nya éta ...
a. Neuleuman sabaraha waragadna
b. Nuliskeun kerangka kasang tukang, tujuan, eusi jeung panutup laporan kagiatan
c. Nuliskeun sakabeh kagiatanana
d. Nuliskeun pedaranana
e. Nuliskeun sakabéh hasil wawancarana, pamilonna jeung waragadna
3. Perhatikeun struktur nulis laporan kagiatan ieu di handap !
1) Tujuan
2) Waktu jeung Tempat Tujuan
3) Kasang Tukang
4) Panutup
5) Kagiatan
6) Waragad
7) Pamilon
Urutan anu benerna nya éta ...
a. 1-4-5-2-7-3-6
Modul Bahasa Sunda X | 163