Page 180 - MODUL X MIPA BIRU
P. 180
8. Ulah asa-asa ngajukeun pertanyaan anyar anu muncul dumasar kana katerangan ti
narasumber
9. Tong poho mere kasempetan ka narasumber pikeun nepikeun hal-hal anu can kaguar
dina wawancara
10. Rengse wawancara, tong poho nganuhunkeun ka narasumber bari sakalian sasadu bisi
aya kasalahan dina salila lumangsungna wawancara.
D. Latihan Soal
Wacana 1 :
Sinta : “Assalamualaikum, dupi ieu téh leres sareng Téh Ranti?”.
Ranti : “Waalaikumsalam, muhun leres, aya anu tiasa dibantos?”.
Sinta : “Téh, abdi sareng réréncangan badé ngawawancara Tétéh perkawis Jaipong”.
Ranti : “Oh muhun mangga kaleresan abdi nuju henteu sibuk”.
Handi : “Dupi Tétéh téh ti iraha ngawitan diajar Jaipongan sareng abdi nguping mah
Tétéh kangtos dilélér layang pangajén da janten pinunjul dina Pasanggiri Jaipong
tingkat SMA sa-Kabupatén Bandung?”.
Ranti : “Abdi ngawitan diajar tur resep kana tari jaipong téh ti yuswa 4 taun, teras ku
sepuh dilebetkeun ka Sanggar Tari Malati di caket bumi kanggo latihanna mah.
Alhamdulillah, abdi janten pinunjul ka 1 waktos pasanggiri téh”.
1. Anu jadi narasumber dina paguneman di luhur nya éta ...
A. Sinta
B. Handi
C. Ranti
D. Sinta jeung Ranti
E. Sinta jeung Handi
2. Eusi paguneman di luhur nya éta...
A. Cara nyieun bala-bala
B. Ngamumulé basa jeung budaya Sunda
C. Prak-prakan ukel dina tari Jaipong
D. Préstasi Téh Ranti dina widang Tari Jaipong
E. Pakasaban Téh Ranti
3. Bagéan bubuka dina wawancara biasana mangrupa ...
A. Sasadu ka nu nulis laporan wawancara
B. Salam bubuka jeung sasadu ka narasumber
C. Salam bubuka jeung sasadu ka nu ngawawancara
D. Nutup wawancara ku cara ngahaturkeun nuhun kana perhatosan ogé waktuna
E. Nanyakeun sagala patalékan anu geus dirancang
4. Jenis basa anu digunakeun dina paguneman di luhur nya éta...
Modul Bahasa Sunda X | 168