Page 182 - MODUL X MIPA BIRU
P. 182

A.  Teu sagawayah milih narasumber.
                 B.  Nalika narasumber keur ngajawab patalékan, urang salaku nu  ngawawancara teu
                     kudu ngoméntaran satuju atawa teu satuju kana jawabanana.
                 C.  Nalika narasumber leuwih ti saurang, urang kudu bisa méré  patalékan nu méh
                     sarua  lobana,  kitu  deui  bobot  patalékanana.  Ieu  hal  bisa  disiapkeun  heula  ti
                     anggalna.
                 D.  Sabisa-bisa kudu nyiptakeun suasana anu pikaresepeun.
                 E.  Ulah nyieun/nyiptakeun suasana anu rengkeng.

             9.  Tujuan wawancara nya éta ...
                 A.  Sangkan urang bisa meunangkeun informasi ngeunaan hiji hal anu sifatna faktual
                     ti narasumber
                 B.  Sangkan urang bisa mikanyaho cara-cara ngawawancara anu teu lila
                 C.  Sangkan urang bisa wanoh ka narasumber
                 D.  Sangkan urang ngarti kana naon anu ditugaskeun ku guru
                 E.  Sangkan urang teu salah ngomong atawa geumpeur nalika nanya ka narasumber

                 Tengetan tahap tatahar dina wawancara ieu di handap !
             1)  Nangtukeun jejer
             2)  Nangtukeun narasumber
             3)  Nulis sababaraha patalékan
             4)  Nyieun rangkai/rarancang patalékan
             5)  Nyieun jangji jeung narasumber
             6)  Nangtukeun tujuan
             7)  Persiapan séjén, kaasup ngabagi tugas nalika prakna wawancara
             8)  Nyiapkeun pakakas wawancara

             10. Susunan tatahar wawancara anu bener nya éta ...
                 A.  1-2-3-4-5-6-7-8
                 B.  2-3-6-7-4-1-8-5
                 C.  1-6-2-4-3-8-7-5
                 D.  1-6-4-2-8-7-5-3
                 E.  1-6-2-4-8-7-5-3

             E.  Penilaian Diri
                 Tugas 4 :
             1.  Jieun kelompok maksimal 5 urang.
             2.  Jieun  rarancang  wawancara  anu  jejerna  bisa  milih  salah  sahiji  :  (a.  Pentingna
                 Ngamumulé Budaya Sunda; b. Pentingna Gerakan Meresihan Susukan jeung Kamalir).
             3.  Nami-nami kelompok dilaporkeun kana WA Ibu ku KM kelas hidep.


                                                                   Modul Bahasa Sunda X | 170
   177   178   179   180   181   182   183   184   185   186   187