Page 179 - MODUL X MIPA BIRU
P. 179
padoman ngeunaan naon wae anu kudu ditanyakeun sacara gurat badagna, tapi dina
prakna mah dipasrahkeun ka nu ngawawancara. Kaasup heula-pandeurina katut
pertanyaan lianna anu leuwih teleb. Anu penting mah henteu mengpar tina jejer jeung
tujuan wawancara.
Sikep-sikep anu kudu dipiboga ku nu ngawawancara :
1. Netral
Anu ngawawancara teu kudu ngomentaran satuju atawa teu satuju kana informasi
anu ditepikeun ku nu diwawancara.
2. Ramah
Anu ngah wawancara kudu bisa nyiptakeun suasana anu matak kataji anu arek atawa
keur diwawancara.
3. Adil
Anu ngawawancara kudu bisa adil ka sakabeh anu diwawancara, upamana anu
diwawancara leuwih ti saurang. Ulah pilih kasih.
4. Nyingkahan Karengkeng
Anu ngawawancara kudu satekah polah nyingkahan suasana anu rengkeng, ulah
nepikeun ka anu diwawancara ngarasa didakwa atawa keur diuji.
Lengkah-lengkah Wawancara :
➢ Tahap Tatan-tatan/Tatahar :
1. Nangtukeun jejer atawa topik wawancara
2. Nangtukeun tujuan wawancara
3. Nangtukeun narasumber
4. Nararancang pertanyaan
5. Nyusun daptar pertanyaan/patalekan
6. Nyiapkeun pakakas wawancara
7. Persiapan sejenna
8. Nyieun jangji jeung nu rek diwawancara
➢ Tahap Prakna Wawancara :
1. Datang tepat waktu
2. Ngagunakeun pakean anu sopan tur rapih
3. Ngawanohkeun diri ka narasumber
4. Nepikeun pasualan anu rek ditanyakeun
5. Wawancara dimimitian ku ngajukeun pertanyaan anu enteng heula
6. Ngajukeun pertanyaan kalawan antare, sopan, taya kesan ngadakwa atawa nguji
7. Regepkeun sing regep jawaban ti narasumber
Modul Bahasa Sunda X | 167