Page 178 - MODUL X MIPA BIRU
P. 178

KAGIATAN PANGAJARAN 4
             A.  Judul Modul
                 Materi 4  : Wawancara

             B.  Tujuan Pangajaran
                 Setelah proses pembelajaran wawancara selesai, peserta didik mampu
                1.  Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan teks wawancara. (Mandiri)
                2.  Merancang, melakukan dan menyusun laporan wawancara dengan memperhatikan
                   kesantunan berbahasa. (Mandiri)

             C.  Uraian Materi
                 Wangenan wawancara

                        Wawancara (B.Inggrisna interview) nya eta paguneman antara dua urang atawa
                 leuwih sarta lumangsung antara nu diwawancara (narasumber) jeung nu ngawawancara.
                        Wawancara  teh  hiji  kagiatan  komunikasi  nu  geus  ilahar  lumangsung  di
                 masarakat. Ngan teu kabeh masarakat sok ngahajakeun saban waktu ngawawancara.
                 Wawancara  mah  biasana  dilakukeun  ku  wartawan,  reporter,  atawa  jalma  lianna  nu
                 nganggap  perlu,  upamana  mahapeserta  didik  nu  keur  ngalakukeun  panalungtikan,
                 murid-murid sakola nu meunang pancen ti guruna, atawa ti lembaga sensus penuduk nu
                 ngawawancara warga.
                        Tujuan wawancara nya eta pikeun meunangkeun informasi atawa katerangan ti
                 nu diwawancara. Dina emprona wawancara, anu ngawawancara nepikeun sababaraha
                 pananya  anu  kudu  dijawab  ku  nu  diwawancara.  Wawancara  mah  kaasup  kagiatan
                 nyarita  dua  arah.  Aya  nu  nanya  jeung  aya  nu  ngajawab.  Samemeh  ngalakukeun
                 wawancara, urang perlu tatahar heula.

                Jenis-Jenis Wawancara
                 1. Wawancara Bebas
                     Dina wawancara bebas, nu ngawawancara teh bisa bebas nanyakeun naon bae ka
                 nu diwawancara. Sanajan kitu, tetep bae kudu saluyu jeung tujuan wawancara katut
                 katerangan anu dipiharep ti nu diwawancara.

                2. Wawancara Kauger
                        Dina  wawancara  kauger,  anu  ngawawancara  teh  geus  dibahanan  daptar
                      pertanyaan/patalekan anu lengkep katut wincikanana anu jentre.

                 3. Wawancara Bebas Kauger
                          Dina wawancara bebas kauger mah anu ngawawancara teh ngombinasikeun
                 antara  wawancara  bebas  jeung  wawancara  kauger.  Anu  ngawawancara  geus  mawa
                                                                   Modul Bahasa Sunda X | 166
   173   174   175   176   177   178   179   180   181   182   183