Page 173 - MODUL X MIPA BIRU
P. 173

e.  Pasemon, lentong, sora anu bedas tur jelas, penghayatan, pepeta

             8.  Dongéng anu nyaritakeun  ngeunaan hiji kajadian anu ngandung unsur sajarah nya éta
                 ...
                 a.  Babad
                 b.  Mite
                 c.  Sasakala
                 d.  Fabél
                 e.  Farabél

             9.   Barang nepi kana waktuna, Déwi Pangrenyep ngalahirkeun. Budakna lalaki kasép
                 jeung mulus, dingaranan Hariang Banga. Tilu bulan ti harita, Déwi Naganingrum ogé
                 ngalahirkeun, diparajian ku Déwi Pangrenyep. Orokna lalaki deuih. Tapi ku Déwi
                 Pangrenyep  diganti  ku  anak  anjing,  nepi  ka  saolah-olah  Déwi  Naganingrum  téh
                 ngalahirkeun anak anjing. Ari orok nu saéstuna diasupkeun kana kandaga dibarengan
                 ku endog hayam sahiji, terus dipalidkeun ka walungan Citanduy.
                 Sempalan dongéng di luhur nya éta tina dongéng ...
                a.  Si Kabayan
                b.  Aji Saka
                c.  Lutung Kasarung
                d.  Mahabaratha
                e.  Ciung Wanara

             10. Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para, tuluy
                 diponcorkeun ditindihkeun ka handap mener kana tonggongna. Nini-nini téh kalenger
                 tina bawaning nyeri.
                 Latar anu kagambar dina sempalan dongén di luhur nya éta ...
                 a.  Waktu jeung suasana
                 b.  Waktu jeung tempat
                 c.  Waktu jeung kaayaan
                 d.  Tempat jeung suasana
                 e.  Suasana jeung tempat

             E.  Penilaian Diri
                 Tugas 2:

                 Pék hidep téangan dongéng-dongéng anu masih kénéh aya di sabudeureun hidep, tuluy
                 tulis  dina  buku  hidep  sarta  tangtukeun  sakabéh  unsur-unsur  instrinsik  jeung
                 ékstrinsikna!  Sarta  jieun  video  pondok  anu  ngajelaskeun  ngeunaan  eusi  tina  carita
                 dongeng éta, tuluy uploas hasilna dina youtube hidep atawa dina instagram hidep, tong
                 hilap ditag Instagram Ibu : @rinimutia11 , anu kana youtube linkna tiasa dishare kana
                 WA Ibu sangkan kapeunteun !
                                                                   Modul Bahasa Sunda X | 161
   168   169   170   171   172   173   174   175   176   177   178