Page 19 - MODUL B.SUNDA KELAS VIII SMP NUSANTARA
P. 19

Jenis-jenis warta

                               1. Straight News


                                    Hartina warta anu ditulis sacara ringkes, saayana teu

                           ditambahan ku pamadegan atawa sawangan wartawan.Eusina

                           wartana biasana anu actual jeung dianggap penting kudu
                           ditepikeun harita kenéh.


                               2. Depth News


                                    Hartina warta anu leuwih nyosok jero tur hasil tina warta nu

                           saacanna. Biasana warta depth news mah ditambahan deui ku

                           informasi sejen jeung néangan informasi ti narasumber nu sején,
                           atawa ditambahan ku fakta-fakta nu aya saméméhna.


                               Bédana antara straight news jeung depth news . Straight

                           news wartana leuwih rikes jeung singget, lamun depth news

                           biasana leuwih panjang sabab ngungkabkeun informasina
                           leuwih lengkep jeung ditambahan ku informasi sejénna.


                                (Sumber https://romeltea.com/dasar-dasar-jurnalistik-jenis-jenis-berita/)


                        Sarengséna hidep neuleuman jenis-jenis warta ayeuna urang pedar
                        padika nulis warta, naon atuh ari padika téh? Padika téh métodeu

                        nalika urang nyieun warta. Aya sawatara padika anu kudu

                        diperhatikeun lamun urang nulis warta, nyaéta:


                               a)  Dina nyieun lead, gunakeun basa anu matak narik
                                  panitén jalma séjén. Nulis warta téh usahakeun sing kawas

                                  anu keur cacarita sacara langsung (ngobrol)

                               b)  Nyieun lead ulah panjang teuing, paling réa 30 kecap,

                                  atawa kira tilu jajar ketikan.

                               c)  Pisahkeun lead anu sakirana hésé dipikahartina jadi dua
                                  atawa tilu kalimah.





                                                                                                     18
   14   15   16   17   18   19   20   21   22   23   24